Skip to main content

MALATI BODAS

Sagagang malati bodas
Nyacas ko tojo cahya bulan
Nu nunggelis, lir malati ngan sahiji

Jempling mawa panglamunan
Ngayap-ngayap saban gambaran
Warnana geus teu mangrupa
surem, kabinasa mangsa

Aya sora anjeun
Ngahiji jeung gumuruh jempling
Ngaguar-guar carita ilang
Katiruk waktu teu kahontal
Anjeun, muntang pageuh ingetan
Lir malati; nunggelis gugupay

Mumunggang ka simpé
Bandung 17.06

terjemahan;

MELATI PUTIH

Setangkai melati putih
Terang tersinar cahaya bulan
Menyendiri, bagai melati yang satu

Sepi membawa angan
Meraba-raba setiap gambaran
Warnanya sudah tak berupa
Suram, terbunuh masa

Ada suaramu
Menyatu dalam gemuruh sepi
Bercerita kembali cerita hilang
Terpanah waktu tak sampai
Kau, memegang kuat ingatan
Bagai melati, sendiri melambai

Mumunggang ka simpé
Bandung 17.06

Comments

Popular posts from this blog

SAJAK UNTUK AYAH